Sabtu, 16 Agustus 2014

LAPORAN HASIL WAWANCARA

 

Diajeungkeun pikeun nyumponan salah sahiji tugas

ujian praktek pelajaran basa sunda

 

 

Ku:

Nanda Rasmita
Pingkan Clarisa
Pramudita Sonjaya
Putri Rizki Amalia
Rezqi Wahyu
Romulus Halomoan
Savitri Nurul
Shulton Greis

 

Kelas : XI IPA 2


SMA NEGERI 3 CIMAHI

Tahun Pelajaran 2013/2014

      



PANGANTEUR

              
Puji sinareng sukur urang panjatkeun kahadirat Allah SWT, nu mana parantos masihan rahmat sareng karuniana, sangkan panulis bisa ngarengsekeun laporan wawancara basa sunda.
          Panulis nyadar rengsena laporan ieu teh lain ku sorangan tapi seeur bantosan ti rekan-rekan, sangkan kitu panulis ngahaturkeun nuhun kasadaya pihak anu tos ngabantosan panulis dina ngarengsekeun laporan ieu.
          Kritik sareng saran anu sipatna ngabangun nyampurnakeun ieu tugas, anu di harepkeun sangkan leuwih alus, boh dina panulisan boh dina pamikiran keur nyampurnakeun tugas ieu kaharepna deui.
          Panulis ngahaturkeun nuhun ka Ibu Titik salaku guru basa sunda, sareng ka Rivai salaku narasumber.


                                                                   Cimahi, 08 November 2013
                                 
   
                                                                                                                                                Panulis 




Teori Wawancara


Wawancara nyaeta hiji kagiatan komunikasi anu geus ilaharna lumangsung di masyarakat. Ngan teu kabeh masyarakat sok ngahajakeun saban waktu ngawawancara. Wawancaranah biasana di lakukeun ku wartawan atawa sajabana.
Wawancara mah ka asup kagiatan nyarita dua arah, aya nanya jeung aya ngajawab. Samemeh ngalakukeun wawancara urang perlu tatahar heula sabaraha hal anu dianggap perlu disadiakeun. Kalimah tanya anu disusun ku urang ulah panjang teuing, mun bisa mah parondok jeung togmol ( langsung ) kana sasaran.
Diantarana saperti kieu :    
-         Keur kaperluan naon ?
-         Naon wae nu ditanyakeunana ?
-         Saha anu rek ditanya ?
-         Kamana kudu nepunganana ?
-         Iraha waktuna ?
Kalimah tanya jadi bahan pikeun urang dina waktu geus tepung jeung narasumber. Narasumber jalma nu baris dipenta kateranganana, oge bisa rupa-rupa gumantung kana kaperluan pananya. Upama perlu informasi ngenaan kasenian, pendidikan, olah raga, kitu wae satuluyna.  


Tujuan, Tempat, Waktu jeung Narasumber


Tujuan : Pikeun meunangkeun informasi ngeunaan ketua fotografi
Narasumber
Wasta : Muhammad Rivai Sulaiman
Umur : 16tahun
TEMPAT SARTA WAYAH WAWANCARA
Tempat : Di kelas
Wayah  : 07 November 2013, tabuh : 13.00


Daptar Patanyaan


-          Dupi nami saha?
-          Kumaha  rasana pas dipilih jadi ketua fotografi teh?
-          Tos sabaraha lami resep kana widang fotografi teh?
-          Kumaha visi jeung misina?
-          Naon wae kendala anu pernah dialami salami janten ketua teh?
-          Lamun lebet kana ekskul fotografi the kedah gaduh kamera SLR teu?
-          Sesah senengna janten ketua teh kumaha?
-          Kumaha persiapan dina engke aya acara pensi di SMAN 3 Cimahi?


Hasil Wawancara


Siswa          : Assalamualaikum Wr.Wb
Rivai : Wa’alaikum salam
Nanda : Punten, tiasa nyungkeun waktosna sakedap, abdi  sareng rerencangan gaduh pancen ti guru Basa Sunda kanggo ngawawancara. Manawi kersa di wawancara ?
Rivai : Muhun magga wae
Nanda : Punten pami nami teh saha ?
Rivai  : Muhammad Rivai Sulaiman
Pingkan : Kumaha  rasana pas dipilih jadi ketua fotografi teh?
Rivai : Pas dipilih mah sih biasa we tapi ayeuna jadigaduh tanggung jawab keur nguruskeun ekskul fotografi
Pramudita : Tos sabaraha lami resep kana widang fotografi teh?
Rivai : Ya pami teu lepat mah tos dua tahunan.
Putri : Kumaha visi jeung misina?
Rivai : Visina mah ekskul fotografi sman3cimahi jadi leuwih maju deui
Rezqi : Naon wae kendala anu pernah dialami salami janten ketua teh?
Rivai : Kendala na mah ngan siswa na jarang hadir,seuseueuran ku ijin, sok harese diajak hal anu harese teh, hese diatur, sareng peralatan fotografi di sakolah masih minim keneh
Romulus : Lamun lebet kana ekskul fotografi the kedah gaduh kamera SLR teu?
Rivai : Teu oge, nu penting mah gaduh niat hoyong diajar jeung daek diajarkeun
Savitri : Sesah senengna janten ketua teh kumaha?
Rivai : Senengna mah jadi gaduh pangalaman anyar jeung ilmu nu leuwih luas deui
Shulton : Kumaha persiapan dina engke aya acara pensi di SMAN 3 Cimahi?
Rivai : Nya persiapana mah urang nyiapkeun tim dokumentasi keur engke pensi
Siswa : Panginteun sakitu patarosan ti urang sadaya, Hatur nuhun kana waktos na hapunten bilih aya kalepatan
Rivai : Nya muhun sami-sami










O

0 komentar:

Posting Komentar

Twitter Delicious Facebook Digg Stumbleupon Favorites More